• This is default featured slide 1 title

    Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.This theme is Bloggerized by NewBloggerThemes.com.

  • This is default featured slide 2 title

    Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.This theme is Bloggerized by NewBloggerThemes.com.

  • This is default featured slide 3 title

    Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.This theme is Bloggerized by NewBloggerThemes.com.

  • This is default featured slide 4 title

    Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.This theme is Bloggerized by NewBloggerThemes.com.

  • This is default featured slide 5 title

    Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.This theme is Bloggerized by NewBloggerThemes.com.

Go-blog (going blogger) di internet

Icikibung dina blogger pikeun simkuring anyar pisan, kakarak cret perekecet. Lain modol, tapi cret di dieu saujradna ceuk nu keur naik kandaraan mah karak cle atawa anjeucleu pisan diuk dina jok mobil atau motor. 

Blogger, lamun ceuk basa kirata mah "Goblog tapi bageur". Hartina, lamun geus resep ngablogger, ih eta mah, sugan, ceuk paribasa "teu unggut kalinduan teu gedag kaanginan". Nyeta ngajejentol we hareupeun komputer atawa laptop, anteng pisan ngoprek internet, teu beurang teu peuting, teu kolot teu budak, teu awewe teu lalaki, teu nu miskin teu nu benghar. Estuning, lain kacapangan deui, geus kana internetan teh, teu meunang di ongget-ongget pisan. 
Naha aya mangfaatna kitu internetan teh?', Is puguh we, lain hungkul kana pangaresep, zaman kiwari teu bisa internetan atuh, ortodok pisan hirup teh. Teu kitu kumaha, informasi nu kabuka dina internet moal kawadahan ku sajam, sapoe atau mangbulan-bulan, contona mun bosen we kana warta-warta penting, hayang we mukaan anu bisa ngabangbalerkeun kana hate, nyeta nu teu pararuguh tea. 
Mun cenah mah nempo kana zaman katukang, hayang naon-hayang naon oge kudu make duit, mahal atuh. Ayeuna hayang nyaho atau nempo naon ge, di internet mah haratis atuh, kiteuh. Rek budak rek kolot, pikiranna teh srua pisan. ceuk kolot tea mah, moal pahili kokod pisan, masing-masing sacegna, nyeta muka internet teh bebas, masing-masing nyekel gadget pintar atau Handphone android, kiteuh. 

Ku ayana kabangbalerkeun ku ukur mukaan internet, rek teu boga duit atau beuteung lapar, katempona teh "hanay" we, jiga we siga jelema beunghar, muhun' sapertos simkuring ieu mah, karak boga handphone android merk samsung ge mani teu euleum-euleum, cenah kiteuh.  Nya meureun batur ge teu beda-beda teuing, keur ngudag kamajuan jaman pastina oge henteu hayang hirup katinggaleun dina masalah informasi jeung komunikasi, pan ayeuna mah jaman now, versi hirup teh obsesina teh nu instan we, salah sahiji jalan keur nuntaskeunna teh iwal gaya hirup nu ngonversi kana pratinjau atawa view and preview. Istilah silaturahim teh cukup we dina internet, teu perlu ngadurudug indit kaditu sacara langsung, keur naon atuh boga handphone atawa gadget pintar, di model elektronik sapertos ieu geus kumplit sagala-galana, rek nelepon make audio aya, rek nelepon paadu harepan beungeut atau video call oge geus nyampak, nyakitu pan aya oge jalma nu resep selfian, meureun kuayana media saperti kitu teh, dijieun luang pisan,  mangpang meungpeung majangkeun poto atawa video dirina dina Weaan atau Facebookan, ngan ulah we disalahgunakeun, abong euweuh jalma nu nempo, kiteuh!. sapertos senyum-senyum sosorangan tengah jalan bari jeung nyekel handphone.

Malah mah ku ayana era global ieu loba jalma ngabelaan meuli handphone, kajen pangabutuh sejen teu kacumponan. Saumpama hayang ngabaso atau jajan ditahan heula, kukumpul duit keur meuli handphone tea. Cik naon atuh kauntunganna mun urang miceun waktu ku internetan saendeng-endeng, bari lat we poho kana dahar, kana pagawean, ka anak pamajikan atau kana anak salaki, leuwih-leuwih pohona kana ibadah nyeta sholat lima waktu, meureun dosana lain hungkul kana kaluarga di imah, leuwih ti kitu, urang geus nukang nonggong ka Alloh Subhana Wata'ala. 

Ku kitu tea mah mun malik jaman katukang, memangna oge sagala rengkak paripolah teh teu bebas jaman kiwari. Baheula, mun urang lalajo film dewasa atau 17 taun kaluhur. disiplin pisan, moal aya budak leutik bisa lalajo film teu pararuguh. Tapi ayeuna, bebas sabebas-bebasna budak bisa lalajo film anu terlarang, padahal memang dina undang-undang elektronik oge aya katangtuanna. Tapi nyakitu, saha rek nyaram, najan aya aturan oge, weleh we bisa diakalan, naha nyahoeun kitu sistem nu internetan jalma-jalma nu geus dewasa. Tong boro kitu, indung bapana oge can puguh nyahoeun. Nya tadina oge, nu bisa dilalajoan teh lain televisi atau layar tanjeb, eta mah atuh terbuka, bisa kanyahoan keneh. Kiwari, ku alat leutik anu canggih nyaeta Handphone, eh atuh' murangkalih zaman kiwari mah benten sareng anu kapungkur, rancage pisan, bari nyengcle dina luhur wese oge, saumpama bisa teu tah, kiteuh. Tah geuning nyaho. Nya pan tadi tea, teu kolot teu budak mun geus anteng mukaan internet di handphone kacida pisan moho kana kawajibanna. Sangkilang dititah dahar oge, weleh we ngabubudeug maneh, api-api we beuteung teu karasa lapar, komo mun dititah sholat mah, meureun matak mugenna teh nataku pisan. 
Nempo kamotekaran zaman kiwari, lain jalma pinter ku otakna ayeuna mah, tapi jiga we leuwih canggih tibatan profesor, heueuh !, tiasa ngarespon sagala problematika, pan ceuk basa mistikna mah, Tanya saja sama Mbah google, pasti mbah google yang paling tahu, ceuk basa ecesna mah, jentre kacida, ceuk budak angon tea mah "cokgalicokgaligacok cocok" teu bisa ngabibisani, mun urang neangan naon wae, dina internet pasti bisa kapanggih. Saumpama dibanding jaman katukang mah hayang boga informasi teh, nyakitu keudeung-keudeung gidig ka wartel, keudeung-keudeung gidig ka perpustakaan. Nya ayeuna mah instan jeung fleksibel pisan, tinggal pencet tombol browser google, terus tik naon nu dipikahayang, ngan sababaraha detik mah anu dipikabutuh teh ku mbah google mah diasongkeun. Tapi nyakitu dampak atawa akibatna teh urang teh bisa jadi jalma kuulen atau kuled. Najan kasebutna jalma pinter ge, engkena teh bisa jadi bodo, da nu diandelkeun teh Mbah google deui - mbah google deui, rek itung-itungan, sagala karerepet aya didinya, komo rek mukaan gambar-gambar atau video porno ge geus nyampak, estuning piranti browser google mah kasebut pangcanggihna dibandingkeun jeung nu sejen sapertos mozilla firepox atawa explorer. Tapi ku kaparigelan sistem nu superhight teh tiasa oge janten mamala kana karakteristik murangkalih anu masih keneh kosong molongpong ku elmu pangaweruh anu aya kaitanna sareng akhlak atawa moral, pangutamana mah masalah atikan hirup nu bener sapagodos sareng agama katut darigamana, kiteuh.

Nya sapertos kacanggihan piranti teh bisa oge nimbulkeun pacenggadan antawis agama sareng era globalisasi, saumpama piranti eta dibuka boh dina handphone atau PC, anu kaitan ngaruksak kana akhlak teh ditembong-tembongkeun pisan,  cacakan teu diteangan oge murudul atawa mucunghul popup notifikasi  di unggal situs-situs terlarang nu nampilkeun poto-poto nu teu pantes dilalajoan ku budak nu can dewasa. Ari jalma nu dewasa mah geus puguh, tiap neangan ubar pastina oge teu kudu tatanya kaditu kadieu, teu kudu boga elmu tembus pandang, buka we dina internet, gampang pisan. Tapi nyakitu, kalakuan kitu teh urang geus kaasup jalma nu maksiat ka Alloh.

Nya sapertos sim kuring mun anjlece ngablogger ih anteng we teu regrog-regrog nagen we, ngan ari kuring mah aya ingetna teh mun beuteung lapar pasti indit ka dapur neangan sangu keur dahar atawa mun aya nu adzan di masjid pasti indit ka  masjid, henteu iyeuh kudu kagegeloan ku internet mah,  da urang teh hirup di dunya memang boga hak-hak anu kudu ditarima ku urang diantawis rejekina teh sehat, boga pamajikan, harta barana, boga anak,panjang yuswa, jrrd, tapi sing inget, urang ulah hayang kana hakna wae atuh, tapi kawajiban urang ka Alloh Subhana wata'ala oge kudu ditedunan, kitu ge ari boga kaera. Sakieu we lur bahasan peuting ieu.
Wassalamualaikum.

Share:

Postingan Populer

Label

Recent Posts

Unordered List

  • Lorem ipsum dolor sit amet, consectetuer adipiscing elit.
  • Aliquam tincidunt mauris eu risus.
  • Vestibulum auctor dapibus neque.

Pages

Theme Support

Need our help to upload or customize this blogger template? Contact me with details about the theme customization you need.